Tribute to bandung – Kungpow Chicken

Undeur laguna dididie

Reff:
Da urang mah urang Sunda
weLas asih hade basa
sadaya ge da baraya
da urang mah urang sunda

yeuh ieu geura tempo di bandung kiwari macet
tiap Liburan Loba nu ka factory outLet
tong sok ngariring bingah ngariLu da urang mah Lain semah mending ge cicing di imah Oy..
Karunya ka pa Timur Baroko sebagai kapoLda ngurus anak buah na ngatur jaLanan anu pinuh dimana-mana Oy…
bahkan boga gubernur anyar pak ahmad heriawan jeung si kasep kembaran urang wagub Dede Yusuf
tapi keheuLa maneh tong waka protes heuLa mun ngadengekeun Lagu ieu siga jumper naon da ieu mah adaptasi tina manuk dadaLi na Aki Sambas anu Leupas entep na teras CircLe K hey…
eta toko baLatak dimana-mana barudak ngora mani betah gogoLeran di hareup na…
pa dada rosada gogodeg kana kaLakuan barudak ayeuna
ari babasaan teh mani kudu aya ujung na anying…

Lain maraneh teh urang sunda
karek sakaLi ka jakarta bae ge mani baLaga
ngageroan aing mani kudu make ‘kamana sob?’
emang ngaran aing teh sobarna
bari jeung ditambahan ku bahasa gokiL
tuh tempo Loba pisan LaLaki centiL di jaLan veteran
geus nyaho sarua Lalaki tapi angger keneh kaLahka diheureuyan
kade mun naek angkot cicaheum,ciroyom,daerah di pati ukur Loba copet neangan hape jeung dompet
aLesan na pura2 utah jeung suku na keram, mun kapanggih deui jeung nu kitu.. KEPRET!!*Reff
Kang ibing kiwari tos sering sibuk dakwah bari ngungurus domba gaLing
kamana DoeL Sumbang tos Lami teu nembang deui di kota kembang
nyeri hate es LiLin peyeum bandung tinggaL dina Lagu
da ayeuna mah maLah brownies nu di teang ku semah ti dieu ti ditu
hayang gauL ngopi heula nyahona sagelas 20 rebu
sugan teh sarua jiga di warung ceu yeti 2 rebu menang kopi susu
rumasa sim kuring goreng patut jadi mun Lapar langsung meLesat dahar di ceu emah
‘kasep sareung naon wae emam na?’

mun dahar di gardu jati wengi-wengi sok pajarkeun tos ti pasantren nu hareupeun gang na aya pos polisi
aneh loba pisan jaLma resep nangkring di jaLan Layang
tetempoan ka handap jiga nu keur nempo beruang di kebon binatang
ayeuna Loba jembatan panyebrangan da keukeuh resep nyebrang na di jaLan
soaLna bisa nyebrang bari ngaca di kaca mobiL susuganan di jalan na aya nu geuLis ngadadahan
wuuuh… duh emeen… heh pamaLi kang emen kitu!! kang… emen…

*Reff lagi

Tong saukur ngimpi jadi juara buktikeun mun bisa juara
jiga baheuLa inget ka kang Ade Hudaya, Ajat Sudrajat, jeung Robi Darwis
nguLik boLa di Lapangan ngagiring boLa ka gawang
ku Robi Darwis di oper ka Ajat Sudrajat
ku Ajat di oper ka Robi ku Robi di oper deui ka Ajat deui
ku Ajat dioper deui ka kang Robi, nya atuh kang Robi na ambek2an dan kang Ajat na kacapean
soal na ngan duaan nu maen di Lapangan
tapi mun ayeuna aya kiper Tema Mursadat sok ngadat
mun bek na Maman, Nova, jeung Nyek Nyobe ngajaga na teLat
tim geLandang aya Lorenzo Cabanas, Eka Ramdani, Atep jeung Hariona
tapi eta Zaenal Arif kamana? umpan ka hereup aya HiLton Moreira, Bastos diantos goL na
Christian sanes RonaLdo tapi GonzaLes ka kang airLangga mangga asupkeun goL na
haji ungu sareung Pa Jaja Sutarja tong hiLap bonus na
terakhir kanggo kang Jaya Hartono, mun aya nu protes tong diwaro

*Reff Lagi

mun ceuk urang tajong ceuk maneh goL!!

tajong GOL!! Tajong GOL!! Tajong GOL!!
mun ceuk urang PERSIB ceuk maneh JUARA!!
PERSIB JUARA!! PERSIB…
mun ceuk urang tajong ceuk maneh goL! tajong GOLL!!

//

Album Kustian – Makalangan

Download Lagu Sunda Kustian – Makalangan

1.   Budak Jalanan
2.   Ema
3.   Budak Tunggara
4.   Desa Jadi Kota
5.   Kariaan
6.   Seni Sunda
7.   Bapa
8.   Diajar Sabar
9.   ABG
10. Tepis Wiring

Wilujeng gutak gitek bari nundutan..

Download Kawih Mang Koko

 

Kawih Mang Koko

Mangga Wilujeung lelenggutan…..

Mang Koko – Anggrek Japati
Mang Koko – Bulan Langlayangan Peuting
Mang Koko – Hamdan
Mang Koko – Hareupeun Kaca
Mang Koko – Hariring Nu Kungsi Nyanding
Mang Koko – Kembang Impian
Mang Koko – Kembang Tanjung Panineungan
Mang Koko – Ngalamun
Mang Koko – Peuting Panghareupan
Mang Koko – Reumis Beureum
Mang Koko – Sagagang Kembang Eros
Mang Koko – Salempai Sutra

Ngimpi Jadi Juara – Kungpau Chicken (PERSIB)

Lagu Semangat pisan buat anak-anak Persib, Hip hop sunda..

Download Lagu Kungpau Chiscken – Ngimpi jadi Juara