*LANDONG BAEUD*

Kacaritakeun aya nini-nini umurna geus nincak 72 taun, salakina aki-aki umurna geus 81 taun.
Boga incu anu keur sakola di Cina spesialisasi ubar tradisional kuno… Si nini nga-WhatsApp ka incu na menta dikirim ubar nu bisa bakal ngora deui….
Ku incuna dikirim 12 kapsul special. Bari omat2an ieu ubar teh matih pisan…., tiap kapsul bisa nurunkeun umur 10 taun leuwih ngora.
Satengah percaya si nini nyobaan 4 kapsul..
Nyata na sanggeus nginum 4 kapsul si nini katingali ngora deui kawas nu karek umur 32 taun.
Hiji waktu si incu balik liburan, diburuan imahna katingali aya awewe geulis keur nyusuan orokna…..
Si incu nanya : punten bade tumaros, dupi “nini Edah masih linggih di dieu ??”
Si awewe eta langsung ngarontok bari ngomong :
“ya Alloh ujang ieu teh pan nini maneeeh….., matih pisaaan ubar kiriman ujang teh…., nini nyoba2 nginum 4 kapsul jadi ngora kieu teh.
Si incu kaget : ” Oooch kituuuu ni…, sae atuh ari ka angge m�ah,, “nini dupi aki aya di mana ayeuna….???”
Apan ieu nu keur disusuan… da sesa ubar teh 8 kapsul kabeh di inum ku aki maneh… dasar hawek,, jadi we balik deui jadi “OROK”…
Ceuk si nini bari neke sirah orok nu keur disusuan..

Mertua Jawa

Saat ORANG SUNDA berkunjung ke BESAN ORANG
JAWA,
Besan Jawa Bercerita : memuji menantu
perempuannya yang asli Sunda didepan orangtuanya..
Kata MERTUA JAWA : “Mantuku rajin,
opo wae digawei, nyuci dewe, masak dewe,
nyapu dewe, setrika dewe.
“Sepulang dari rumah besan, si Ibu Sunda langsung
marah2:
“Karunyaaa anak Aing disiksa wae ku salakina,
nyuci diewe,
masak diewe,
keur nyapu diewe,
eta keur nyetrika diewe oge…
meuni teu boga hate..
teu aya istirahatna diewe wae..
Beak atuh anak Aing..😀😀😀

BALIK NAMA

*”NOLAK BALIK NAMA”*

Di kantor SAMSAT aya ibu-ibu paréa-réa omong jeung Pulisi.

Pulisi : Bu, motor ibu kedah *_Balik Nama_*, supados engké nguruskeunana gampil.
Ibu-ibu : “Pokona Ibu teu hayang _Balik Nama…!“_

Pulisi : Kedah Bu,ngarah gampil ngurusna didieu…
Ibu-ibu : “Pokona ibu teu hayang _Balik Nama…_na ari pa pulisi meni keukeuh, cing hayu urang tanyakeun ka Kepala Samsatna.”

Tuluy Ibu-ibu téh dianteur ku Pulisi ka Kepala Samsat

Kep.Samsat : Aya naon Bu, aya nu tiasa dibantos..?
Ibu-ibu : “Kieu Pa, piraku abdi badé mayar pajak motor kedah _Balik Nama_ heula..pokona ibu *_alim balik nama !“_*

Kep.Samsat : Naha kunaon Ibu alim _Balik Nama,_ pan ieu tos peraturan

Ibu-ibu : “Mangga émut ku Bapa nami ibu téh *_MAYA H. RUJUB,_*
upami dibalik nama panginten janten
*BUJUR HAYAM*..teu hayang ibu mah…alim teuing..‼”

🙄😜😳🤑😂😂😂

Wilujeng wayah kieu 🤗 🍹🍹🍹🍹🍹aahh musingkeun

Sifat Istri ditingali tina Calana CD

Sifat istri tiasa ditingali tina lancingan lebet (CD) anu dianggena, upami…
– Aya rendaan : eta istri gaduh sifat ke-ibuan,
– Corak kembang2 : eta istri gaduh sifat ceria,
– Warna polos/sawarna : gaduh sifat teguh kana pamadegan,
– Corak belang2 : sifatna sok plin plan/ babari kapangaruhan,
– Aya gambaran kartun (mikimos, dora, dll..) : sifatna boboloneun,
– Aya gambaran nu serem (maung, metal, dll..) : sifatna agresif jeung wanian,
– Aya kikirincingan : gaduh sifat resep kana seni,
– Lewih ti sarangkep : sifatna ati-ati / protektif,
– Motif totol-totol : sifatna resep berpetualang / bosenan,
– CDna bolong2/soek : gaduh sifat teu boga ka era,
– CD-na gombrang : sifatna eta istri teh boros,
– CD-na sereg/merecet : sifatna hemat deukeut ka cedit,
– CD-na nu eta eta wae : sifatna nya’ahan,
– CD-na dekil bin kumel : pasti… mung boga hiji-hijina,
– Teu make CD : taaah… nu kieu istri idaman kaum pameget, da sifatna pengertian…

#bodorsunda #janganditranslate
#ulahseuriuswae