Sapu Injuk

SAPU INJUK
budak awéwé umurna 12 thn digawé dipabrik SAPU INJUK.

Palebah nincak umur 16 thn éta budak téh ménta eureun digawé… 

Ditanya ku bosna, “kunaon hayang eureun..?” Éta budak kalah muka calana bari ngomong:  

“..Bapa cobi tingal, damel didieu mah BULU INJUK na narapel dina gagaduhan abdi..” 

Bosna seuri, “eta mah lain BULU INJUK nyai.., kabéh gé mun geus dewasa mah kitu….., yeuh tempo nu bapa gé sarua..” ceuk bosna bari muka calana. 

si budak némpas bari rada héran “Euleuh2…. komo geuning nu bapak mah napel jeung gagang sapuna sagala…..!!

Iklan

Surprise Panganten Anyar

SUPRISE PANGANTEN ANYARUdin jeung Icih panganten anyar…

Maranehna karek balik ti bulan madu.. 

Nepi ka lemburna si Udin hayang mere kejutan keur pamajikanna nyaeta hiji imah nu dibeli keur si Icih…

Udin : “Neng, Akang hoyong masihan sesuatu ka Neng”.

Icih. : “Naon ‘kang?”

Udin : “Tapi soca Neng kedah ditutupan

ameh suprise !!*

Icih : “Mangga ‘kang…”

Singkat carita si Udin nungtun si Icih ka imah

anyarna.. 

Nepi ka imah anyarna si Icih teu kuat ngulibek beunteung hayang hitut…

Si Icih nahan2 pihituteun da tara pernah pisan hitut harepeun si Udin komo bari keur _moment_ kieu mah mantak pieraeeun pisan pikirna.. 

Tapi si Icih teu beak akal..

Icih : “Kang meni asa atooh pisan Icih teh

dugi halab – hab hoyong eeut…”

Udin : “oooh manga Neng ku Akang pang nyandakeun … calik antosan nya geulis..”

Sabat si Udin geus jauh sora lengkahna..

Icih : “tuut..” ( _ngalurkeun hitut rada di tahan bisi kadangueun ku salakina_ )

Teu kungsi lila Udin datang ngasongkeun gelas ka si Icih

Icih : “Akang ieu mah teu amis da Icih hoyong cai amis” ( _na pikir si Icih …ah can sebeuh hitut teh_ )

Udin : “Mangga Neng geulis pujaan Akang..ku Akang bade digulaan ( _bari ngaleos deui k dapur_ )

Icih. : “tuuuuut….” ( _langsung hitut deui sabot lengkah salakina ngajauh_ )

Udin datang deui bari ngasongkeun cangkir

kana panangan Icih..

Icih : “Aah akang mah kirang amis !!”

( _gussstiii ieu hayang keneh hituutt na pikir si Icih bari ngarapetkeun suku nahan pihituteun_ )

Udin : “Muhun … Muhun urang tambihan

deui gulana …” ( _bari ngaleos mawa cangkir deui ka dapur_ )

Sabot salakina ngajauhan….

Icih : “tuut… tuuuuuuuuut broooott !!!”

( _ploooong tah pihituteun geus kaluar kabeh pikir si Icih bari gumujeung laun_ )

Si Udin dongkap mere cangkir k panangan

Icih…

Ku Icih di suruput ….

Udin : “Ayeuna urang buka nyak Neng

panutup socana ku Akang..” ( _bari muka tali nu nutupan panon si Icih_ )

Icih : “Alaaaaah Mamah.. Papah… Abahh.. Ambuuuuu… Geuning araya di darieu !!!

Ti iraha araya didieuna ?????” ( _bari ruyray beureum beungeut ningali kolot si Udin jeung sakabeh keluargana aya didinya_ )

Sarempak kabeh ngajawab:

*”TIBEKOK MIMITI !!!!”*

UCING

UCINGIzem : ” kang piceun ucing teh, geuleuh jorok mosdol jaba hulu peda euweh wae !!!!…

Cepot : ” kamari ku akang geus di piceun, tapi balik deui..balik deui..bogaeun Peta jiga na teuing di tulungan ku Si Dora the xplorer kitu !!!

Izem : ” sing jauh atuh kang

miceunna..!!

“Cepot ngarungan ucing tuluy indit ka leuweung, 10 jam lilana, ti leuweung. Cepot nelepon ka Izem…

Cepot : ” Nyi ucing teh aya ka imah deui teu ??”

Izem : ” aya kang, kunaon kitu..?? ”

Cepot : “pangnanyakeun, tadi balikna jalan kamana kituh, ieu akang nyasab”

Izem : hah… ???

Nini Taruhan

Hiji mangsa aya nini-nini datang ka hiji BANK…bari mamawa duit 2 milyar dina koper na..Maksud rek di tabungkeun..

Tuluy di tanya ku direktur eta bang..

.

Direktur:”naha ari nini gaduh artos ti mana ?? Meni seu eur kitu ??”

.

Nini:”nyeta nini teh meunang tina taruhan sujang…!!”

.

Direktur:”(heran) aah..piraku…!??? Naha taruhan naon kitu nini…!!!!!”

.

Nini:”nyeta nini teh sok taruhan..ah..teu pira ngan ukur patebak-tebak warna calana jero sujang…!! Nya harita nini meunangan wae…”

.

Direktur:”(keukeuh teu percaya) aah…teu percaya kuring mah nini…!!”

.

Nini:”iiih…!! Ari si sujang..!! Nya geus kieu we atuh..sok ayeuna jeung nini urang taruhan…..taruhan na kieu…eta siki bobogaan si sujang lain buleud…!! Tapi kotak ceuk nini mah…lamun nini bener…nini bere 50 jt, mun nini salah…si sujang ku nini di bere 50 jt…!! Kumaha tah ??”

.

Direktur:”(ngahuleng sakeudeung) nyaa sok lah nini…jadi..!!”

.

Nini:”heug ari kitu mah..isukan jam 10 an nini rek kadieu deui nya…!!”

.

Direktur unggeuk…

Tiharita….

Eta direktur sapeupeuting teu bisa sare…

Tuluy we nyidik2 siki bobogaan nana..

Da sieun kotak….

Ari geus yakin mah kakarak maneh na bisa sare…bari lamunan nana bakal meunang duit 50 jt..

.

Singket carita..

Isuk na nyaan wae si nini geus datang ka bank bari mawa pengacara anu ka koncara nyaeta RUHUT SITUMPUL..

.

Direktur:”kumaha nini..?? Jadi taruhan teh ???”

.

Nini:”jadi atuh sujang…!! Malahan nini mawa pengacara tuh…!! Sok ayeuna buka calana nana ku nini rek di pariksa…!!”

.

Direktur:”atuh tong di dieu nini…!! Era uing atuh…!!”

.

Nini:”aah teu bisa..!! Kudu di dieu..jadi katingali ku salarea…!!”

.

Direktur bang eleh deet…

Da kabayang wae bakal meunang duit 50 jt..

Tuluy calana nana di porosot keun..

Harita keneh ku si nini di pariksa siki bobogaan na si direktur bank..

Di cabakkan..di sidik-sidik..

.

Direktur:”kumaha nini..!!?? Buleud nya ?? Teu kotak….!!”

.

Nini:”enya sujang..!! Buleud gening….!!??”

.

Direktur:”(atoh) horeeee…!! Berarti uing meunang 50 jt nini…!! Ngan kuring heran…NAHA ETA PENGACARA NU DI BAWA KU NINI..NGAN NGADAGOR-DAGOR KEUN SIRAH NA KANA TEMBOK…!!?? HERAN UING MAH…!!”

.

Nini:”HEU EUH NYETA SI PENGACARA TEH KU NINI DI AJAK TARUHAN SUJANG..!! YEN POE AYEUNA..NINI BAKAL NYABAKAN BOBOGAAN NANA DIREKTUR BANK…TAH LAMUN BENER NINI BAKAL DI BERE DUIT 250 JT…..HIHIIHIHIHHIIHHIIH….”

.

GUBRAG ETA DIREKTUR BANK KAPIUHAN TEU ELING-ELING..

.

HIHIII….SI NINI LUMAYAN TAH MEUNANG BATI 200 JT…

Lagu Chandelier Versi Sunda

Undeur aneh Pisan

Supir jeung Nugelo

Hiji waktu aya supir ditugaskeun nganteurkeun sababaraha urang jelema gelo ka hiji rumah sakit jiwa

Kacaritakeun di jalan anu sepi ban mobilteh bitu, tuluy si supir ngaganti ku ban serep, apes… keur arek ngabaudan ban, eta baud ngagorolong 3 siki kana solokan nu aya di sisi jalan, manehna bingung… mun maksakeun teu dibaudan bisi ngarempeyek, tulus lurak lirik sugan aya bengkel tapi weleh teu manggih, manehna mikir tapi angger kalahka stress, atuhh penumpang nu jelema gelo tea oge kareseleun.. tuluy nanya ka supir

Nu Gelo: Pir kunaon euy lila-lila teuing, mobilteh teu maju-maju!

Supir: Haduh rieut puguh aing teh baud 3 siki ngagolong ka solokan..

Nu Gelo: Cik atuh pir.. alaan heula tiap ban 1 baud heula.. ngke mun manggih bengkel kakara meuli…

Supir na jero hate: bener oge ceuk nu gelo teh.. bari masangkeun baud manehna nanya kanu gelo

Supir : Urang mah teu ngarti ? naha maraneh palinter tapi naha rek dibawa ka rumah sakit jiwa?

Nu Gelo : euuhhh pir!! helloowww !! aingmah ngan gelo wungkul tapi teu belet jiga maneh !!!

Supir gogodeg…..

Dongeng Ciung Wanara

ciung-wanara

Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.

Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.

Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.

Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.

Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.

Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.

Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.

Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.

Ku kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.

Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.

Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.

Tina Pangajaran Sastra Sunda, karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah