Pengelola


 

1502226_767669526581107_1820495478_o

 

Nama :Andri Kurniawan

Lahir:  Ciamis, 03 Oktober 1978

Alamat: Ciamis

E-mail: andri.beunghar@yahoo.com

 

106 Tanggapan

  1. Assalamualaikum.
    Abdi Erny ti Depok. Hoyong tumaros sugan gaduh ide kanggo ngajar bahasa sunda di Depok?rada sesah margi lingkungana hampir 100 persen teu nganggo bahasa sunda. Latarbelakan siswanage benten benten. Kumaha ya..ngawitan ngenalkeun bahasa sundana?

  2. Assalamu’alaikum,
    A Andri nepangkeun abdi ndang, urang majalengka, kahiji bade ngawartoskeun fans page abdi d facebook, nuhunkeun likena nya : http://www.facebook.com/pages/MAJALENGKAtea/352118688198857 , kadua, abdi nuhunkeun izinna bade download2 tina blog a Andri 🙂 ku abdi link blogna bade d infokeun oge d fanspage abde supaya tiasa jd backlink 🙂 , sareung katilu nya mudah2an ieu tiasa memperluas jaringan urang sunda di saantero jagat ieu nya, punten rada lebay euy hehe 🙂

  3. Nepangkeun sim kuring, bade tumorus perkawis sajarahna Ciamis, mugi ti urang Ciamis mah lengkep…hatur nuhun.

  4. sampurasun, nyanggakeun salam pangwanoh ti simkuring…

  5. salam pangwanoh kang…manawi gaduh dongeng wakepoh…sirawing…nyuhunkeu di posting. hatur nuhun

  6. Asa tos lami teu apdet kang?

  7. ass..nepangkeun nami ujang ti nagrak adetex lembang,kang..puntn mamanawian gadug mp3 dakwahna bp.H HAMIM..punten di unggahkeun wae…hatur nuhun

  8. kang a kur hoyong si kundang radio garuda lah……

  9. blogwalking…, salam wanoh kang…

  10. Terima kasih atas segala informasi yang di sajikan, saya sangat terbantu dengan tulisan-tulisan kang Andri Kurniawan, semoga tetap kreatif dalam menggali informasi..

  11. kang tambihan deui koleksi na.

    salam ti urang rancah

  12. htr nhn kang andri kna blog dakwah sundana.upami gaduh ki balap nu sanesna slian ti ki ahmad.
    Abdi nyuhnkn.hatur nuhun.

  13. Ang abi ngadondlod ngange hp tapi fil tidak d dukung wae kunaon ny?

  14. Nuhun ang tos ngaleustarik budaya sunda

  15. Alah mani edas ieu blog… salam pangawahon kidulur

  16. matap lur..,hatur nuhun lamun lain ku urang ku saha deui budaya sunda anu hampir ical di kalangan pemuda-pemudi.., kedah di share kanu sanes ieu mah.., nuhun..,

  17. sok lah tambihan lagu” sunda, kasenian sunda pokona sagala seba sunda ulah nepi ka lengit budaya sunda teh simkuring ngadukung pisan kang,,,,

  18. abdi resep pisan kana budaya sunda, tapi abdi bde ngadownload wayang teu tiasa kumaha nya kang?

  19. ass, kang nyuhunkeun izin ngadownload sareng ngahaturkeun nuhun parantos ngalestarikeun budaya sunda, mudah2 eksis terus… hidup urang sunda

  20. minta ijin untuk menggunakan gambar cepot di Spanduk Program Cikapundung Bersih di RW.05, Kelurahan Cipaganti

  21. Kang, manawi kagungan akun pesbuk? manawi tiasa silaturrahim. pami ayeuna kegaitan akang naon wae sadidinten?

  22. Aslm. Kang, nepangkeun abdi pun PURNAMA SIDIK, asli ti pameungpeuk garut.. punten manawi akang kegiatan sadidinten naonnya? nuhun

  23. sampurasuuun…

    dina sunda urang napak tina sunda urang ngapak.
    yu urang nyawang katukang neteup kaharep benta ka poe ayeuna..
    mugia ki dulur salalawasna aya dina kamulyan,tur ginanjar kawilujengan..
    mugi wayang golekna tiasa ditambihan.
    sejarahna oge teras digali..
    hatur nuhun.. wilujeng

  24. Neupang keun abdi ti bandung,,,,,,Budayakeun Deui Kang Jaipong,,,Heheheeeee,,,,,Lebar tulisan sunda,,,,ge tos teu di anggo….

  25. kang, hoyong dikintun mp3 ceramah KH Ghozali judulna : Ciri-ciri kaagungan Islam

  26. Hatur nuhun kang Andri, nepangkeun abdi Asep Hermansyah, dupi padamelan mah ngawulang basa inggris, tapi abdi kacida sunda pisan, rorompok abdi di Jonggol Kab. Bogor, damel di SMPN 1 Jonggol

  27. salam teupang kanngo kang andri,anu parantos kersa mertahankeun sareung ngamumule budaya sunda.Pribados salaku bupti ciamis,pohara bingah sareung ajrih ku kang andri.,,,kumargi sok sanaos anom keneh,..tapi cita2 salira kcida pisan luhungna,.moal tiasa d gentosan ku harta,ku margi kitu,pribados atas nami urang sunda khususna urang ciamis,.mung tiasa ngarojong panginteun,…sok teraskeun semangat juang dina enggoning ngamumule seni sunda,anu pikeun barudak kiwari mh tangtu asingna,.

  28. Asss…kumaha damang kang?? ngiringan silaturahmi ah, abdi reuseup pisan kana buraya sunda kumargi abdi urang sunda Asli
    Abdi kawit sami ti CiAmis pakidulan..Lakbok.

    Asa meni ku waas urang anu tos lawas teu patepang.ayeuna tepang..Sok sanajan ngan saukur dina tulisan wungkul..nangin estu ngandung makna anu luas.

    Pribados, ngaraos reueus pacampur bingah masih keneh aya urang sunda anu tiasa ngamumule / ngalestarikeun kana budayaan sunda anu tos bade punah..
    Mugi-mugi ieu tiasa dituutan kunu sanes sangkan budaya sunda tetep aya teu leungit sarta tiasa diturunkeu ka generasi-generasi penerus urang.

    Beben Iskandar
    0812-1020-8900

  29. Asss…kumaha damang kang?? ngiringan silaturahmi ah, abdi reuseup pisan kana budaya sunda kumargi abdi urang sunda…
    Abdi kawit.. Ti Lakbok Kab. Ciams.

    Kang Andri…!!
    Asa meni Ku Waas urang Nu tos lami teu patepang ayeuna tiasa Tepang deui…sok sanajan ngan saukur dina dunia maya…
    Pribados Ngaraos ajrih ku Ayana ieu blog…Sok sanajan Kang Andri Kaetang yuswana Anom keneh..Tapi luar biasa cita-citana tiasa ngajak ka urang sunda kangge ngamumule budaya Sunda…

    Atas nami urang Sunda..
    Pribados ngahaturkeun Nuhun kana pengelolaan ieu blog mugi-mugi kapayun tiasa diturutan kunu sanes Sagkan budaya sunda henteu tumpur oge tiasa diturunkeu ka generas urang jaga…!!

    Beben Iskandar
    0812-1020-8900

  30. Sampurasun,…..kumaha damang?Punteun Ah pami simkuring ngiring nimbrung ngagareuwahkeun salira.Parantos pisan lamina pribados milarian web atanapi blog,anu kersa nga upload kana kasenian budaya sunda.atuh kalintang ayena bingahna,saparantosna pribados mendakan ieu web,Margi naon nu salami ieu ku pribados di pilari aya sadayana,..didieu .hiji kahoyong pribados upami tiasa oge upami aya uploadkeun oge ceramahna ki balap.kanggo nambihan dei koleksina kanggo kapayuna.Kitu manawi timbrungan ti pribados.bilih aya catur atanapi saur anu nyinggung, kana manah salira,ageng alitna mugia mudah2an salira kersa ngahampunteun,….eta anu di piteuda..ku pridados,.maju terus lur marangga ah,…

  31. Asss…kumaha damang kang?? ngiringan silaturahmi ah, abdi reuseup pisan kana buraya sunda kumargi abdi urang sunda (cianjur). kengeng teu kang upami tatarucingan/bodoran+nusanesna dileubeutkeun kana blog abdi (copy paste),,?? heee. hatur nuhun

  32. terima kasih downloadnya,saya bukan orang sunda tapi saya suka budaya sunda

  33. Mana Sejarah Bogor teh Kang????

  34. Mana wayang Shanghyang Tunggal Wibawa na kang…………………………?

  35. LIKE THIS blog na kang.
    proud to be a sundanese.
    hayu urang ngamumule budaya sunda.

    regards
    creeme

  36. sampurasun bade naros kang dupi lalakon wayang nu judulna Rakyat Mengadu, Pemimpin Bertindak aya teu kang? nuhun

  37. Yi, nepangkeun, akang ti Cikarang, susuganan ayi gaduh Wayang golek garapan Ki Ade Kosasih Sunarya, judulna poho, pisan, dikotektak teu manggihan. nyaritakeun sanghyang ngaradu elmu (arjuna vs karna) didinya sicepot jadi sanghyang tikoro, dawala oge ilubiung jadi sanghyang cungcurungan. Ki Ade bisa pisan ngagambarkeun suasanana teh. upami gaduh mugia di upload. nuhun sateuacanna

  38. Bade ngiring ngrojong… ah.. kang…

  39. Assalamualaikum Wr. Wb.
    Sampurasun, wilujeng tepang ka sadayana…
    Sim kuring kataji ku eusi blog Akang, kinten-kinten-na saupami nyutat tulisan Akang kanggo ngalengkepan blog sim kuring, teu sawios-wios?

    Hatur Nuhun
    Wassalam
    Adi K.

  40. Assalamualaikum Wr. Wb.
    Sampurasun, wilujeng tepang ka sadayana…
    Sim kuring kataji ku eusi blog Akang, kinten-kinten-na saupami nyutat tulisan

    Akang kanggo ngalengkepan blog sim kuring, teu sawios-wios?

    Hatur Nuhun
    Wassalam
    Adi K.

  41. kang abi nyuhunkeun no contact person na kh.jujun junaedi…

    kanggo rencana acara nikahan kaping 1 mei…

    hatur nuhun sateuacanna

    • Sateuacana simkuring ngahaturkeun nuhun kana perhatosanana, peryogi ka uninga abdi selaku pengelola ieu web, teu aya hubungan nanaon sareng pa Ustad Jujun, simkuringmah ngan saukur upload ceramah-ceramahna, nya itang2 syiar agama, janten pami hoyong contact person pa Jujun simkuring oge teu terang, hapuntena anu kasuhun -pengelola

  42. Sampurasun ki Sunda,

    Puuunten iyeuh simkuring ngiring ngalangkung, ngalongokan baraya, Kang Andri puuunten pisan simkuring cologok, culangung, kirang titi duduga peryoga, mung da maksad mah ‘urun-urun’ saur urang palih wetan mah mikareueus seni sunda, kabisa mah saukur ngajak sangkan seni sunda ulah tumpur kari catur, ngabandang ka nagara sabrang, hayu baraya urang mumule seni, mun pepelakan mah kudu di gemuk jeng dipiara, ameh bisa nuwuhkeun hasil nu muceukil. Cag ah kang Andri, sanes kirang sono ke sanes waktos dilongokan deui. Htr. nuwun

  43. Sampurasun,

    Punten, nepangkeun abdi Roni Sobari salah sawios urang jawa tengah anu interes kana wayang golek sunda, Kang Andri tos mineung abdi nongton wayang golek nu panganyarna malem minggu 13 November 2010 di Lokantara Budaya RRI Bandung, kaleresan ki dalang anu nuju pentas ki Umar ‘Riswa’ Darusman Sunandar eta siswa kang Asep Sunandar Sunarya, kamari midangkeun carios Sentjamuka Pejah, duuuh meuni pikawatireun nu narongton meuni corengcang pisan, pada hal dalang eta teh sae, sigana urang sunda teu interes kana seni sorangannya, padahal gratis kang, kumaha atuh ki sunda teh kamarana, perkawis iue teh ku abdi di posting di wayangprabu.com tempat maneuh abdi manco, eeh weleh teu aya nu ngarespon, cing kang Andri sogan tiasa ngageuing para ki sunda sina mikareueus kana seni sunda diantawisna wayang golek. Lumantar blog salira abdi curhat, sugan-jeung sugan aya respon. Kajadian eta teh tos nu kadua kalina dalang nu sami saminggu sateu acanna ki dalang eta oge ‘manggung di Radio Sonata FM 88,1, eeh sami we kitu teu aya nu nonton.

    Sugan kang Andri tiasa maparin bongbolongan kunaon iue teh ki sunda teh kamarana, engke mun seni budayana dipaok batur nembe we riweuh padahal di daerahna mah kaluli-luli, teu dipalire.

    Cekap sakitu kang Andri, bobor sapanon carang sapakan neda hapuntena.

    Wassalam
    Roni Sobari

    • Waaaah gawat kawasna na mah…………….kagak ada yang nanggap……………ha….ha…ha baraya, bapak, kaka, sama Aa,,,,, naha kamarana nya………………..

      • Alhamdulillahirabbil alamin…
        sateuacana kuring ngahaturkeun nuhun ka saderek kang Roni, anu parantos sumping di ieu blog, sae pisan kang Roni cita-cita salira dina ngalestarikeun kabudayaan khususnya wayang golek, abdi ngadukung cita-cita salira, nanging ti kitu, pendapat abdimah pangiten, sa jinis-jinisna jalmi beda-beda cara pikeun ngalestarikeun budaya sunda khususna,dina hate abdi tetep resep kana wayang golek, degung, calung sok sanajan ari terjun langsungmah kuring teh teu tiasa, da ka halang ku kawajiban milari nafkah kanggo anak pamajikan, teraskeun cita-cita kang Roni, kuring ngan tiasa ku cara kieu heula pikeun ngalestarikeunnana, insyaallah kapayuna mudah-mudahan langkung ti kieu, amiiin

    • upami pendapat abdimah kang, sanes teu resepeun jigana teh, tapi kabujng ku isin alias gengsi nontonna. sapertos di daerah abdi oge sami (di sukabumi), anu resep kana seni sunda anu utamina wayang kirang respon, kalah ku seni modern sanesna,

      duka kumaha atuh??? kirang moles panginten.

      usul saalit, kanggo ka para artis sunda, mohon saalit2 promosikeun budaya sundana,, sepertos kang sule,kang pohang…sareng nu sanesna,,mudah2an tiasa mempertahankeun ciri khas sundana.

      kapan urang tos dikantunkeun ku kang ibing anu tenar tea, saha atuh gentosna ayeuna???

  44. haturan kang…
    salam kenal…

  45. Assalamualaikum Wr Wb
    Puji syukur ka Allah Nu Maha Ghafur, sim kuring kapungkur nuju di kampung sering ngadangukeun ceramahna KH. AF Ghazali (alm), ayeuna Kang Andri masihan jalan ka abdi kanggo ngupingkeun deui ceramah-ceramah anjeuna anu sakitu saena. Hatur Nuhun kang Andri, tapi punten kang pami tiasa mah nu sapalihna deui simpen di 4share, margi nu disimpen di ziddu tos sabaraha puluh kali ku abdi di download gagal wae. hatur nuhun sateuacana. teu hilap sareng ceramahan nu sanesna nyungkeun simpen di 4share

  46. Assalamualaikum Wr Wb
    Puji syukur ka Allah Nu Maha Ghafur, sim kuring kapungkur nuju di kampung sering pisan ngadangukeun ceramahna KH. AF Ghazali (alm), ayeuna Kang Andri masihan jalan ka abdi kanggo ngupingkeun deui ceramah-ceramah anjeuna anu sakitu saena. Hatur Nuhun kang Andri, ulah bosen nya kanggo teras ngamumule budaya urang, Budaya Sunda anu agung

  47. jempol, sae pisan,seueur manfaatna

  48. bungah tur reueus jigana karuhun urang Sunda, mun apaleun geus aya nonoman nu boga perhatian leuwih kana budaya Sunda sapeti hidep……, mugia na hiji waktu hidep metik hasilna tina perhatian hedep kana Budaya Sunda….

  49. Saluuuuuuut ka orang Ciamis!!!
    Mugi Allah SWT. Ngabulkeun Sagala Niat saena, Amin.

  50. Assalamu’alaikum wr. wb.

    Aduh sae pisan, mudah-mudahan janten nambihan aweuhan kanggo nu ngagaduhan minat ngamumule basa sareng budaya sunda.

    Ade Sudaryat, Penulis Lepas
    Cisurupan Garut

  51. Assalamu’alaikum akang…
    alhamdulilah abdi mendak aya situs kanggo urang sunda, hatur nuhun tiasa nobatan rasa sono ka kamung halaman di rancah-ciamis…
    wassalam…

  52. ass…
    kang naha sejarah bogor teu tiasa di download?

  53. Assalamu’alaium Wr Wb.Sampurasun Kang!!!!!!!!!! hatur nuhun pisan akang tos janten lantaran sim kuring kenging ceramahna KH. AF Ghozali idola uing………. sukron……Haturnuhun Pisan Mangga Wassalam……..

  54. nuhun pisan kang……!

  55. Assalamu’alaikum…
    Kang Andri nepangkeun abdi ti Bandung kulon….
    Ngiring ngarojong kana ieu blog…..

  56. Assalamu’alaikum wrwb.
    Kang Andri anu linuhung, Luar biasa, akang reueus pisan ka budak ngora sapertos salira, yuu urang mumule ki Sunda. Akang oge penggemar ceramahna KH. AF Ghazali. Cing pang uploadkeun deui judul anu sanesna, sapertos Ghaib, sareng sajabina
    hatur nuhun pisan

  57. Assalamualaikum Kang Andri,

    Salam baktos ti simkuring, alhamdulilah masih aya keneh urang sunda nu paduli kana kasenian sunda. Mugi Ieu halaman janteun manfaat ka urang sadaya utamina urang sunda nu peduli ka kang Sunda.

  58. Assalamualaikum…

    Salam kenal kang Andri….
    Hatur nuhun pisan parantos disayogikeun rupi2 pilihan kabeungharan budaya sunda, kang pami tiasa sayogian pidato sunda ” seren – tampi panganten ” anu aya dalil2 pertikahan sareng sisindiran ti anu masrahkeun sareng nu nampi.
    ” seren-tampi narosan / tunangan.

    Hatur nuhun, diantos downloadeunana…

  59. nembe sumping ka dieu yuh….
    salam kenal ka sadayana ah…

  60. ass. kang minta contack person pa kh. jujun junaedi? haturnuhun wass

  61. Aduh kang hatur nuhun pisan…. tos nyediaken carita wayang golek, abdi mah bingah pisan pas buka situs ieu teh… soalna seuer pisan koleksi wayang na… sareng anu sanes na… poko nmah kang sunda pisan situs ieu teh…… hatur nuhun..

    ulah hilap kang tambihan dei koleksi na anu alalanyar na…. abdi pasti bakal sering muka situs anu di kelola ku akang teh… soalna seuer pisan koleksi budaya sunda na….

  62. duh kang, karaos pisan rueusna ku ayana blog kang andri teh. nyuhunken widina abdi bade nempelkeun hasil karya kng andri di blog abdi nya..

  63. kang milari bodoran ibing deui ah…

  64. kang upload nya nya carita gentra parahyangan si Kundang anu sok aya di radio garuda Bandung, sareng carita wa kepoh si rawing.. Nuhun

  65. kang, abdi mesen lagu sule anu judulna susis

  66. Mani ku reueus ari simkuring ngadonlot lagu degung sok hoyong pulang kampung ka banjar, sono hoyong pendak sareng babaturan salembur, hatur nuhun kang Andri websitena genah gbr sareng eusina sok ditambihan deui koleksina.

  67. kang abdi nyuhunken lirik lagu panondari aya te kang…lamun aya kirim ka email iye kang thoyo26@yahoo.com..
    nya entos nuhun kang….

  68. Wah geningan urang ciamis ieu teh?? Kang Andri, nepangkeun, abdi mah Aris kawitna ti Cipaku, salembur geningan di Ciamis, hayu ah urang sadayana mumule budaya Sunda!! 🙂

  69. assalamualaikum,tambih deui kang dongeng sundana …!!!!

  70. “hatur nuhun lur !! ” kaanggo pisan simkuring ngiringan nganggo kanu aya …

  71. siiiipzzzzzz, sae pisan kanggo urang sunda mah… .

  72. Duh hatur nuhun pisan kang andri , salam kenal weh ti kawula. hatur nuhun.

  73. assalamualaikum…duh..hatur nuhun kang andri…kataji pisan ku ayana situs ieu prbds janten rajin ngagali deui budaya sunda…wilujeng…atuh salam baktos ti tatanggi palih kidul kang andri…wassalam

  74. assalamualaikum…duh..hatur nuhun kang andri…kataji pisan ku ayana situs ieu prbds janten rajin ngagali deui budaya sunda…wilujeng tepang…manawi orang mana..atuh salam baktos ti tatanggi palih kidul kang andri..wassalam

  75. nuhun kang canghegar na… meni ngenah seuri yeuh… tambih deui nya…hehehehe

  76. euleuh geuning balad salembur… salam kenal ah kang…

  77. Mani bingah Amar Wata Suta. Hatur Nuhun Kang Andri. Har….. manawiteh urang mana !!! sing horeng tatanga lembur.
    Salam Wanoh Kang ti Urang bayasari.

  78. Asalamu’alaikum wr. wb.

    Kang Andri ngahaturkeun nuhun parantos ngadamel website budaya sunda, abdi ngaraos reueus pacampur bungah masih keneh aya urang sunda anu tiasa ngamumule / ngalestarikeun kana budaya urang sunda, mung abdi nyuhunkeun restu /widi website damelan akang ku abdi di link keun sareng website Pemerintah Kota Bandung. mudah2han tiasa nyebarkeun seni budaya ka manca nagara….

  79. aduh kang abdi dugi ka pajeulit usu nguping bobodoran, hatur nuhun kang….

  80. kang, salam wanoh ti simkuring urang sumedang…

  81. Ass. kang salam kenal. abdi asli ti panjalu mung tos lami ngumbara kaluar kota. waktos abdi mulang ka panjalu abdi ngadangu lagu “situ Panjalu” nu dilagukeun ku Pak Uce. meni matak waas ngadanguna. Kinten-kinten abdi tiasa ngadownload lagu eta didieu teu kang? Abdi salut ka akang nu tos ngalastarikeun seni sunda.

  82. Assalamu’alaikum, nepangkeun kang abdi ti bandung, abdi ngarojong pisan kana kasenian sunda teh kang da abdi ge tulen urang sunda, nanging kirang pisan kana pengetahuan kasenian sunda teh. ku ayana web budaya sunda tiasa nambingan pengetahuan abdi kang. hatur nuhun pisan. hidup budaya sunda …..

  83. Ass. Wr. Wb.
    Kang, abdi gaduh koleksi mp3 sareng video sunda anu sanesna, kumaha upami di upload di web akang tiasa? kumaha carana?

  84. SALAM KENAL KANG, TEU DISANGKI SUGAN TEH URANG BANDUNG, ARI HEG TEH TATANGGI URANG CIAMIS, HIDUP KASENIAN SUNDA

  85. kang tepangkeun abdi ti rancah,
    kang kumaha upami di ciamis ngayakeun helaran budaya taunan anu agreng?

  86. Assalaamu’alaikum !!!

  87. pak.. salam kennal yaa…

Tinggalkan Balasan ke Andri Kurniawan Batalkan balasan